" ISTIGFAR "
Astagfirullah robal baroya
astagfirullah minal hotoya
Astagfirullah robal baroya
astagfirullah minal hotoya
Aduh gusti abdi neda di hampura
tina dosa-dosa abdi nu di haja
sareng dosa-dosa abdi nu rumasa
mung ukur ka gusti sim abdi sumerah
sareng mung kagusti abdi seja pasrah
Abdi sadayana mahluk tak berdaya
tina sagala rupa macam gogoda
mayunan cocoba hanteu walakaya
tanpa pertulungan nu maha kawasa
mung ukur ka gusti nyuhunkeun di raksa
Abdi atos maca dina ayat suci
sadayana mahluk eta bakal mati
nyawa bakal leupas tina diri abdi
pisah raga badan sareng anak rabi
pisah raga badan sareng kulawargi
Dimana saat na abdi tos sakarat
abdi sieun hese ngucapkeun sahadat
rumaos sim abdi ka allah teu to’at
najan jejeritan hayang meunang rohmat
sabab tos waktuna tutup lawang tobat
Dulur balarea ukur nyengceurikan
sabab poe eta bakal perpisahan
anak istri salaki teu bisa nahan
harta sareng banda oge kapangkatan
dulur jeung baraya teu bisa nulungan
Abdi tos ngajepat cicing teu eungapan
baju sareng perhiasan dibukaan
sabab raga abdi bade di pandian
tos di beureusihan di bungkus ku kapan
sadayana ngadeg bade nyarolatan
Abdi di pindahkeun bade di asupkeun
kana kurung batang abdi di jeupatkeun
tutup kurung batang tuluy di tutupkeun
pada naggarotong bade di anteurkeun
ka galian kubur nu tos di siapkeun
Abdi di asupkeun kana pakuburan
tuluy di golerkeun na serengkedong
abdi jejeritan taya nu nembalan
kalah di padungan terus di urugan
bari di tincakan taneuh di padetan
Palapah samboja terus di tancebkeun
di luhur kuburan abdi di pelakeun
batur nisan lebah sirah jeung tunjangeun
cai di kucurkeun kembang di awurkeun
abdi nu di kubur ukur ninggalikeun
Eungap sareng poek mimiti karasa
hayang ningali curuk oge teu bisa
kesang ngucur panas na luar biasa
hareudang bayeungyang ku abdi karasa
kaduhung hanjakal kakara rumasa
Di luhur ka kuping beres nu nalkinan
anu eusina ka mayit mapagahan
di akhiran du’a bari di aminan
sadaya ninggalkeun abdi ngan sorangan
dulur jeung baraya hanteu ngarencangan
Keueung sareng sieun mimiti karasa
sabab waktu hirup loba nyieun dosa
sombong jeung bedegong kapada manusa
ngupat kaawonan di anggap biasa
laku lampah salah asa hanteu dosa
Rumasa ibadah mindeng lalawora
akhlak anu sae hanteu di piara
tara daek nulungan jalma sangsara
kanu sahandapeun sok nyieun pilara
tara daek pisan menta di hampura
Indung sareng bapa loba di susahkeun
urang ti bubudak mindeng ngahesekeun
malah osok wani pisan ngahesekeun
ngaraheutan hate lain nga bungahkeun
tapi indung bapa ikhlas naggedekeun
Ibadah nu cape hanteu di tarima
lamun migawena hanteu jeung elmuna
da bongan ker hirup jauh ti ulama
tara daek datang ka majlis ta’lim na
akhirna ibadah teu aya pahlana
Duh gusti nu agung abdi seja tobat
mugi tebih tina dosa jeung maksiat
hoyong di pasihan ilmu nu manfaat
abdi ngahareupkeun hirup kenging rohmat
salamet di dunya sareng di akherat
Astagfirullah robal baroya
astagfirullah minal hotoya
Astagfirullah robal baroya
astagfirullah minal hotoya
Aduh gusti abdi neda di hampura
tina dosa-dosa abdi nu di haja
sareng dosa-dosa abdi nu rumasa
mung ukur ka gusti sim abdi sumerah
sareng mung kagusti abdi seja pasrah
Abdi sadayana mahluk tak berdaya
tina sagala rupa macam gogoda
mayunan cocoba hanteu walakaya
tanpa pertulungan nu maha kawasa
mung ukur ka gusti nyuhunkeun di raksa
Abdi atos maca dina ayat suci
sadayana mahluk eta bakal mati
nyawa bakal leupas tina diri abdi
pisah raga badan sareng anak rabi
pisah raga badan sareng kulawargi
Dimana saat na abdi tos sakarat
abdi sieun hese ngucapkeun sahadat
rumaos sim abdi ka allah teu to’at
najan jejeritan hayang meunang rohmat
sabab tos waktuna tutup lawang tobat
Dulur balarea ukur nyengceurikan
sabab poe eta bakal perpisahan
anak istri salaki teu bisa nahan
harta sareng banda oge kapangkatan
dulur jeung baraya teu bisa nulungan
Abdi tos ngajepat cicing teu eungapan
baju sareng perhiasan dibukaan
sabab raga abdi bade di pandian
tos di beureusihan di bungkus ku kapan
sadayana ngadeg bade nyarolatan
Abdi di pindahkeun bade di asupkeun
kana kurung batang abdi di jeupatkeun
tutup kurung batang tuluy di tutupkeun
pada naggarotong bade di anteurkeun
ka galian kubur nu tos di siapkeun
Abdi di asupkeun kana pakuburan
tuluy di golerkeun na serengkedong
abdi jejeritan taya nu nembalan
kalah di padungan terus di urugan
bari di tincakan taneuh di padetan
Palapah samboja terus di tancebkeun
di luhur kuburan abdi di pelakeun
batur nisan lebah sirah jeung tunjangeun
cai di kucurkeun kembang di awurkeun
abdi nu di kubur ukur ninggalikeun
Eungap sareng poek mimiti karasa
hayang ningali curuk oge teu bisa
kesang ngucur panas na luar biasa
hareudang bayeungyang ku abdi karasa
kaduhung hanjakal kakara rumasa
Di luhur ka kuping beres nu nalkinan
anu eusina ka mayit mapagahan
di akhiran du’a bari di aminan
sadaya ninggalkeun abdi ngan sorangan
dulur jeung baraya hanteu ngarencangan
Keueung sareng sieun mimiti karasa
sabab waktu hirup loba nyieun dosa
sombong jeung bedegong kapada manusa
ngupat kaawonan di anggap biasa
laku lampah salah asa hanteu dosa
Rumasa ibadah mindeng lalawora
akhlak anu sae hanteu di piara
tara daek nulungan jalma sangsara
kanu sahandapeun sok nyieun pilara
tara daek pisan menta di hampura
Indung sareng bapa loba di susahkeun
urang ti bubudak mindeng ngahesekeun
malah osok wani pisan ngahesekeun
ngaraheutan hate lain nga bungahkeun
tapi indung bapa ikhlas naggedekeun
Ibadah nu cape hanteu di tarima
lamun migawena hanteu jeung elmuna
da bongan ker hirup jauh ti ulama
tara daek datang ka majlis ta’lim na
akhirna ibadah teu aya pahlana
Duh gusti nu agung abdi seja tobat
mugi tebih tina dosa jeung maksiat
hoyong di pasihan ilmu nu manfaat
abdi ngahareupkeun hirup kenging rohmat
salamet di dunya sareng di akherat
SYI'IRAN ISTIGFAR VERSI SUNDA
Reviewed by Unknown
on
Monday, March 16, 2015
Rating:
Hatur nuhun pisan a
ReplyDelete